1) Aya 5 urang di kapal Adang Air, nu keur kabakaran, nyaeta :
- Budak SMP
- Gubernur Jabar
- Nu Lolong
- Ustad
- Ujang Idin
Pas kabakaran teh, si parasut na ngan aya opat, ari penumpang nu kudu terjun 5 an.
Pa Ustad : "Keun bapa2 didieu mah da geus kolot ujang ti heula we terjun pake parasut eta."
Jleng weh si budak smp teh make parasut...
Gubernur Jabar : "Jang Idin sok terjun, da bapa leuwih mentingkeun kapentingan rakyat."
Jleng we si jang idin teh nyalametkeun maneh.
Pa Ustad : "Kang lolong, sok terjun da pahala na nu nyalametkeun batur mah gede, keun we bapa mah maot oge."
Jleng we tah nu lolong teh...
Ari teun teh pa ustad jeung pa gubernur bingung, naha parasut teh nyesa 2 deui....
Kapan tinggal 4 tadi teh parasutna, kuduna nyesa 1 deui.
Hah ari pek teh nu lolong, ngajlengna make tas nu budak smp....
Tuesday, June 26, 2007
Bobodoran euy....!!!! bae nya mun garing
Posted by Curhat Penghuni Internetarium at 3:55 PM
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments:
Post a Comment