THOUSANDS OF FREE BLOGGER TEMPLATES

Wednesday, December 20, 2006

sepi jempling

Sepi....
jempling....
simpe....
ngan ukur dibaturan ku si duryeng

Cicing...
ngahuleng....ngalumuk bari hitut
pikiran ngalayang ka mangsa katukang
geus loba teuing waktu anu kapiceun

teu karasa ......
geuningan waktu teh geus subuh deui
genep jam nyawang lamunan
kajayaan mangsa paceklik

ngajerit.....
peurih.....
hate asa digeurihan ku hinis
lamun seug bisa balik ka waktu katukang
hayang teuing bobogohan deui

emmmmhh,..ayeuna sagalana geus robah
ayeuna geus lian
babaturan oge geus kamarana...
anjeun oge geus kumaha.....

rumasa.....
kuring loba kasalahan
waktu harita...
loba waktu anu geus disia-siakeun

malah sakapeung sok putus asa
putus pangharepan
kamana urang kudu ngalengkah
kudu kasaha jeung kudu kumaha

baheula......
rumasa.......
tuggul di larung catang dirumpak
hirup teh lamokot ku dosa

ayeuna tinggal bisa ngalamun
ayeuna tinggal bisa nyawang
ayeuna tinggal bisa hanjakal
ayeuna tinggal bisa ngaharep

ngaharep.....
ngaharep.....jeung ngaharep
sugan bisa ngarobah kalakuan
sugan aya keneh nu rido daek maturan.

tunduh euy...sepi jempling eweuh tv
melong livescore we ah

0 comments: